Minggu, 17 Februari 2013

Riadhoh Malam Senin Tanggal 17 Februari 2013 Oleh: K.H Nonop Hanafi





بسم الله الرحمن الرحيم

Ari pamanggih rasa anu sesuai jeng kahoyong Jeng lelembutan hate ngarana laddah => kasenangan ,
namung teu setiap kesenangan anu bersipat duniawi matak ngahasilken ketenangan (sa’adah), ngan upami hirup menangken ketenangan pasti di jerona ngandung kesenangan.
Aya 4 faktor anu matak ngahasilken kesenangan di dunia 

1. Ilmu
Sabab ku ilmu jalma dibedaken ku Allah ti anu sejenna.

2.Sihatul jasad = sehat pisik,
Bahkan ku sehatmah,janten modal piken ngaraih sagala rupi.

3.Al-amwal =materi
4. Al-zah = pangkat dan kedudukan

Anu 4 nembe tiasa janten hasil ketenangan upami didukung ku sababaraha paktor:

1. Cara jeng sarana ngaraihna nganggo jalan anu bener, sesuai sareng kakedahan Allah oge rosulna.
2. Sadayana anu 4 di anggo taraje piken ngadeketke diri ka Allah.sakumaha pidawuhna:
ألا بذكر
الله تطمئن القلوب
“inget eling ka Allah matak tenang hate”

3.Sadayana di usahaken piken ngahadirken kamanfa’atan piken manusa, terutami piken jalmi mu’min. dugika rosul nyaurken
ادخال السرور على المسلم عبادة

“ ngasupken kabingah ka jalmi mu’min etateh ibadah”

foto santri MH 2

Sabtu, 16 Februari 2013

NABI MUHAMMAHD SEBAGAI SAURI TAULADAN



Ketika urang sadaya sebagai muslim ngajantenken nabi Muhammad SAW sebagai suri tauladan, etateh saleresna ngabales cinta kasih sareng kanyaah anjenna. Margi teu aya dei anu janten beban kahirupan anjenna tikawit dugika akhir adalah urusan umat.

Sakumaha digambarken ku Allah “
لَقَدْ جَاءَكُمْ رَسُولٌ مِنْ أَنْفُسِكُمْ عَزِيزٌ عَلَيْهِ مَا عَنِتُّمْ حَرِيصٌ عَلَيْكُمْ بِالْمُؤْمِنِينَ رَءُوفٌ رَحِيمٌ
“ saenyana tos sumping ka anjen hiji rosul ti kaum anjen anu ngaraos berat ku urusan anjen, anu mikahoyong kana kasalametan aranjen nu mikawesas jeng mikaasih ka jalmi mu’min”

Salah-sawios fakta yen rosul mikanyaah ka umatna:
1. Kuatna dorongan rosul piken nyalametken umatna, sok sanaos dina awalna umat nolak ka rosul. Buktos dina doana: “
اللهم اهد قومي فإنهم لا يعلمون”.

“ya Allah paparin hidayah kaom abdi, da’aranjenna teu arapalen”.

2. Rosul maparin safa’at ka umatna dugika umatna dijamin lebet surge ketika maotna kacandak iman bari henteu musyrik ka Allah, sanajan hirupna bobolokot ku dosa.

3. Rosul nyuhunken keringanan ka Allah ketika syakarotul maut datang ka umatna.anu disuhunken ka Allah ketika anjenna di jemput ku ijro’il.

4. Rosul berusaha ngabebasken manusa tina perbudakan.dugika lengit ketika rosul di utus abid sareng amat.

5. Rosul selalu berusaha ngaringanken beban umatna tina sagala rupi masalah kahirupan anu dibuktosken dina untaian do’a khusnul khotimah.

Riadhoh



Hirup di alam dunya iye hakekatna adalah musabaqoh (pertandingan), keur jalmi anu ngamenangken kompetisi dilapangan dunia maka bakal naek darajatna, bagja kahirupannana. Lamun perjalanan pertandinganana sesuai jeng peraturan Allah.
فا ستبقوا الخيرات لعلكم تفلحون
“maka pek berlomba-lomba aranjen kana kaalusan, pasti aranjen baragja”.
Aya sababaraha syarat piken jalmi anu berlomba-lomba ngamenagken darajat luhur ti Allah:
1.      Nurul ilmi => cahaya ilmu nu bersinar dina hate anu ngabuah dina tindakan amal. Dawuhan Allah
وَمَنْ يَأْتِهِ مُؤْمِنًا قَدْ عَمِلَ الصَّالِحَاتِ فَأُوْلَئِكَ لَهُمُ الدَّرَجَاتُ الْعُلَى
“jeng saha jalma anu datang ka Allah bari iman, maka nyata eta jamli midamel  amal sholih” nu kitu jalmi nu dipaparin darajat anu luhur. .(QS. Toha :74)

2.      Gaduh tazkyatun nafsi => gaduh keberesihan jiwa. Sabab anu beresih jiwana bakal jadi tempat entrepna cahaya. Nu ku eta cahaya bias nganterken kana tujuan bari cepet. Imam ibnu atto ilah berkata:
الأنوار مطايات القلوب والأسرار
“ari pirang-pirang cahaya eta kendaraan hate jeng rahasia hate”.
3.      Bisa syabar ketika mayunan tantangan, baik tangtangan ti lebet atanapi tangtangan ti luar.
4.      Nyekel pageh kana tali panungtun anu kuat anu tiasa janten tuturus piken mapay kabahagiaan dunia akhirat, nyaeta Al-Qur’an jeng Al-Hadist.
5.      Gaduh kekuatan daya tolak/imunisasi diri tina sagala rupi tujuan anu matak mengkolken. Bentukna bias materi, syahwat ka istri dan lain-lain